Senin, 12 Desember 2016

Jual Shirou Kumo Superuior (90X200X20) Cm - boboyu | Tokopedia

Jumat, 09 Desember 2016

pembukaan da'wah basa sunda

Retorika da'wah sunda

tiheula mukana basa diiring ku puja nu janteun panghias rasa lir ibarat linggarna kembang campaka,, yuu urang sami sami panjatkeun kanu maha kawasa anu parantos nyiptakeun alam dunia sareng sadaya eusina nyatana Allahu Azza,,, wajala.
mimiti mukana ngaji di iring ku puji nu janteun panghias ati, lir ibarat linggarna kembang malati,, yuu urang sami-sami unjukeun  kanu maha suci anu parantos nyiptakeun langit sinareung bumi oge rebuan makhlukna anu moal ka etang hiji-hiji ,,nyatan Allahu Robbull.. izzati
sholawat anu janteun rahmat sareng syafa'at di yaumil qiyamat , sareng salam anu janteun kasalamatan pikeun jalma-jalma nu beriman di akhir zaman ,, mugia salamina tetep di kucurkeun di kocorkeun tur di kecerkeun ,, di gubragkeun ,di gibrigkeun tur di gebregkeun kapaduka nabi tercinta ..
dia adalah seorang manusia biasa yang luar biasa ,, ahli setrategis kaya raya, pemimpin yang adil dan bijaksana .. pemimpin sejati yang kaya dengan visi dan tidak diperbudak oleh materi,, yakni kangjeung nabi nu sajati,, lir ibarat gapura anu di rengki-rengki, atuh semu alung kembang tanjung rasa hegar kembang mawar ,, melati anu jadi jajatining ati samboja anu jadi kadeudeuh bulan ,,
tini tung-tung keresekna dangdaunan anu hejo ngemplok kangjeung nabi lahir anjeuna leuwih endah manan kembang anu endah ngadangdaling sapanjang peuting nyambuang sapanjang beurang negakkeun kalimah toyibah, timimiti masyrikna ,dugika maghribna, dugi ka urang sadaya anu turut tumut kana ajaran mantenna,,
huwa as'adil makhluqoot ahlu syafaaa'atilkaba'iro min ummah ,,habibana wanabiyyana wamaulana Muhammadin SAW
kiwari pamuka catur ,turiang jadi jarami, minangka ngababaktos, tos sanes bade ngabibisani,ningkatkeun ngelingan raga,gaganti payung nu leungit, leungit kalapa muluntu,tu geunah taya pangais ,aisa lepot ker budak, daki ngabulen ka diri, rineka ngawangun siloka, kabita kurahmat gusti, tina pidauh gusti dina Al-qur'an, Anaking jimat awaking ,poma hideup kumelendang di Alam dunia, kedah kersa, silih asah, silih asih, silih asuh, dina ka ireng katileundeuhan , malah mandar ukhuwah islamiyah , ukhuwah insaniyah, ukhuwah wathomiyah urang sadaya ti alam dunia parat tepika akherat ..Aamin yaa Allah ya robbal'alamiin..


Saepul yaman